CONTOH SOAL
UJIAN AKHIR SEMESTER GENAP
Mata Kuliah : Pendidikan Bahasa Sunda
SOAL:
1.
Sebutkeun kalayan
dijéntrékeun naon waé papayung hukum
nu patali jeung gelarna Pangajaran Basa Sunda di Sakola!
2.
Nurutkeun Chomsky
kamampuh basa téh nyaéta competency
jeung performance. Kumaha hubunganana
éta dua hal téh? jéntrékeun masing tétéla!
3.
Aya tilu widang élmuning
sastra (Wellek & Warren, 1976:39) pék tataan naon waé hiji-hijina tur
jéntrékeun luyu jeung widang garapanana!
4.
Ku Ibuna Séh Abdul Kodir dibekelan artos 40 dinar. Éta artos disimpen
dina kantong, sarta dikaputkeun kana baju Séh Abdul Kodir palebah kélékna.
Maksud Ibuna, supaya henteu leungit atawa henteu kapanggih ku nu niat julig. Kacarioskeun
Séh Abdul Kodir téh angkat baé ka Bagdad, ngiring sareng rombongan kafilah
dagang. Di satengahing perjalanan, di tengah-tengah padang pasir, rombongan
kafilah téh aya nu ngabégal. Kabéh barang babawaanana dicokot taya nu nyésa.
Para kafilah téh henteu bisa ngalawan, lantaran bégal téh témbong barengis
jeung lobaan deuih. Keur kitu, aya saurang bégal anu nanya ka Séh Abdul Kodir. (“wawacan Lalayang Séh” dicutat tina “Pangajaran Sastra Sunda”)
Salin sempalan carita di luhur kana aksara Sunda!
- Mangga damel rumpaka pupuh/guguritan tina salah sahiji 17 sekar pupuh nu aya, kalayan katangtosan:
a.
Eta rumpaka pupuh/guguritan
kénging nyalira (ASLI)
b.
Rumpaka pupuh diketik
(computer) dina kertas A4, font Times
New Roman
c.
Luhureun rumpaka disebatkeun jenis pupuh nu diserat
d.
Idéntitas pangarang
(mahasiswa, no.pokok) diserat handapeun judul rumpaka
e.
Rumpaka pupuh dikempelkeun
ka koordinator kelas, dijilid janten “Kumpulan Guguritan …”
~Wilujeng nyumponan pancén!~
CONTOH SOAL
UJIAN AKHIR SEMESTER GENAP
Mata Kuliah : Pendidikan Bahasa Sunda
SOAL:
1.
Kumaha kamandang bapa/ibu
kana prak-prakan makéna tatakrama basa Sunda di lingkungan urang ayeuna?
2.
Sebutkeun kalayan
dijéntrékeun naon waé papayung hukum nu patali jeung gelarna Pangajaran Basa
Sunda di Sakola!
3.
Mangga diaos salah sahiji
karya carita pondok (carpon), tina buku, majalah, atanapi koran Sunda! Karya
carita pondok anu parantos diaos teras dititénan kalayan dipasing-pasing
kandungan kecapna, dumasar kelompok wangun kecap di handap ieu:
a.
Kecap Asal
b.
Kecap Rundayan
c.
Kecap Rajékan
d.
Kecap Kantétan
4.
Ngadamel dialog singget
dina jejer “teu ditangtoskeun (bébas)” kalawan ngalarapkeun tatakrama basa nu
merenah!
5.
Hiji waktos, Séh Abdul Kodir téh bade angkat ka Bagdad. Maksadna bade
nyuprih élmu nyiar pangarti. Utamina élmu bagbagan agama Islam. Saméméh
angkat,dipapadonan ku Ibuna sangkan ulah ngabohong, saur Ibuna, “Didu’akeun ku
Ibu sing salamet. Poma kudu bisa mawa diri, ulah rék ngagungkeun diri, jeung
poma ulah ngabohong.” (“wawacan Lalayang Séh” dicutat tina “Pangajaran
Sastra Sunda”)
Salin sempalan
carita di luhur kana aksara Sunda!
- Mangga damel rumpaka pupuh/guguritan tina salah sahiji 17 sekar pupuh nu aya, kalayan katangtosan:
a.
Eta rumpaka pupuh/guguritan
kénging nyalira (ASLI)
b.
Rumpaka pupuh diketik
(computer) dina kertas A4, font Times
New Roman
c.
Luhureun rumpaka disebatkeun jenis pupuh nu diserat
d.
Idéntitas pangarang
(mahasiswa, no.pokok) diserat handapeun judul rumpaka
e.
Rumpaka pupuh dikempelkeun
ka koordinator kelas, dijilid janten “Kumpulan Guguritan …”
~Wilujeng nyumponan pancén!~
0 Komentar untuk "CONTOH SOAL UJIAN AKHIR SEMESTER GENAP Mata Kuliah : Pendidikan Bahasa Sunda,"