ads
ads

Rundayan Nabi (Silsilah Keturunan Nabi dalam Versi Nadhom)


RUNDAYAN NABI


Wajib ka jalma Islamna
Uninga Rundayannana
Jeung Nabi utusan Alloh
Muhammad Putra Abdulloh

Abdulloh putra Mutolib
Mutolib putrana Hasyim
Hasyim putra Abi Manap
Abi Manap putra Kusoy

Kusoy putrana Kilab
Kilab putrana Muroh
Muroh putrana Ka’ab
Ka’ab putrana Luay

Luay putrana Gholin
Gholin putrana Fihir
Fihir putrana Malik
Malik putrana Nadzor

Nadzor putra Kinanah
Kinanah putra Huzaemah
Huzaemah putra Mudrika
Mudrika putrana Ilyas

 
Ilyas putrana Mudor
Mudor putrana Nijar
Nijar putrana Ma’ad
Ma’ad putrana Adnan

Nu wajib dugi ka Adnan
Ti Adnan dugi ka Adam
Henteu wajib uningana
Sabab taya jalan soheh

Wajib teuing uningana
Rundayan nu ti ibuna
Jeung Nabi utusan Alloh
Muhammad putra Aminah

Aminah putrana Wahab
Wahab putra Abi Manap
Abi Manap putra Zuhroh
Zuhroh putrana Kilab

Tepang deui di Eyangna
Di Kilab Janggawarengna
Janten ibu sareng ramana
Masih keneh sarundayan
0 Komentar untuk "Rundayan Nabi (Silsilah Keturunan Nabi dalam Versi Nadhom)"

Back To Top