ads
ads

SISINDIRAN PIKEUN BARUDAK (Motivasi keur nu dialajar)

SISINDIRAN


Meuli opak jeung ranginang
Ulen ketan dibungkusan
Barudak tong kamalinaan
Mun geus nguping sora adzan

Meuli tengteng dua sewing
Kade poho kana wajitna
Yu barudak gagancangan
Gancang indit ka masjidna

Ulen atah goring heula
Kudu garing ngagorengna
Ka madrasah paheula-heula
Sabab rek sakola agama

Bugis amis manga raosan
Dibungkus ku daun cau
Gareulis ka pangaosan
Nyuprip elmu nu geus tangtu

Rangesing dibungkus rapih
Diolah ku Ibu Tati
Pusing ku nonton tipi
Padahal geus waktuna ngaji


Meuli leupeut di warung RT
Di jerona lodeh tempe
Mangpang menungpeung hidep nyalse
Nyuprih ilmu tong talangke
 
0 Komentar untuk "SISINDIRAN PIKEUN BARUDAK (Motivasi keur nu dialajar)"

Back To Top