ads
ads

Hikmah Taqwa Ka Alloh ( Khutbah dalam Bahasa Sunda)




  
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Puji syukur ka Alloh swt. Anu mana mantena parantos masihan yuswa kaurang sadaya, sahingga urang masih tiasa ngalaksanakeun ibadah terutami nyaeta ibadah solat jum’ah.
Solawat sareng salam mugia tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya habibana wanabiyana Muhammad saw. Kakulawargina , kapara sahabatna, sareng kaumatna tiawal dugi ka Yaumil akhir. Amiin Yaarobbal ‘alamin.

Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Urang sadaya sadar yen sagala pasoalan anu disanghareupan ku manusa can tangtu bisa dipecahkeun ngan saukur ku akal pikiran wungkul, jalaran eta Alloh SWT masihan tungtunan hirup anu sampurna keur manusa dina ngalaksanakeun amanahna, nyaeta agama Islam. Tapi teu saeutik di antara maranehna poho yen dirina teh hamba Alloh anu ngabogaan tugas kakhalifahan di ieu alam. Maranehna poho kana nikmat Alloh , maranehanana angabogaan anggapan yen naon anu kapimilik eta mangrupa usaha tur hasil susah payahna, maranehna ingkar kana tungtunan Alloh . Lamun maranehanana ditibanan musibah, siga nubingung bari ngalengis, muntang-muntang kana kaasihna Alloh.

Sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Qur’an :


إِنَّ ٱلۡإِنسَٰنَ خُلِقَ هَلُوعًا ١٩ إِذَا مَسَّهُ ٱلشَّرُّ جَزُوعٗا ٢٠  وَإِذَا مَسَّهُ ٱلۡخَيۡرُ مَنُوعًا ٢١  إِلَّا ٱلۡمُصَلِّينَ ٢٢
“Saenyana manusa diciptakeun dina kaayaan susah payah, lamun pareng ditibaan musibah maranehanana sungkan jeung payah, tapi lamun pareng manggih kasenangan manehna poho ka anu lian, kajaba jalma-jalma anu ngadegkeun solat.”
Sawarehna manusa aya oge anu taat kana parentah Alloh, dina waktu bungah jeung dina waktu susah maranehna tetep ngadegkeun solat, tah nu kitu kaasup kana golongan anu takwa. Jalma anu takwa salawasna syukur ka gusti Alloh jeung maranehna tara leungit kadali dimana menang kasusah jeung musibah, maranehna yakin kana jangji Alloh :

وَمَن يَتَّقِ ٱللَّهَ يَجۡعَل لَّهُۥ مَخۡرَجٗا ٢ وَيَرۡزُقۡهُ مِنۡ حَيۡثُ لَا يَحۡتَسِبُۚ
“Sing saha anu takwa ka Alloh, pasti Alloh bakal mere jalan ka manehna tur mere rizki tina jalan anu teu disangka-sangka.”

Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.

Kasusah anu kaalaman ku jalma-jalma anu takwa eta henteu ngajadikeun robahna iman maranehna, malah maranehna beuki deukeut ka gusti Alloh. Maranehna teu mopohokeun kana nikmat ti pangeran anu ku maranehna geus karasa nyaeta ku jalan syukur tur ngagunakeun hartana dina jalan Alloh.



Khutbah Ka dua






















0 Komentar untuk "Hikmah Taqwa Ka Alloh ( Khutbah dalam Bahasa Sunda)"

Back To Top