ads
ads

KHUTBAH IDUL FITRI 1440 H/2019 M


الله اكبر , الله اكبر, الله اكبر, ولله الحمد
Alloh anu Maha Agung, teu aya deui Dzat anu ngagaduhan puji, iwal ti Anjeuna anu Maha Suci tur Maha Agung. Kumargi kitu mangga urang sadaya sami-sami pasrah sumerah diri ka Alloh SWT. , ibadah nyembah mung wungkul ka Anjeuna. Teu aya deui Pangeran salian Anjeuna nyalira, nya ka Anjeuna museurna sagala urusan jeung perkara nu kajadian di ieu alam dunya.

Hadirin Jamaah 'Ied Rohimakumulloh.

Urang sadaya kaum muslimin  nu aya di jagat raya ieu, parantos ngabuktoskeun pangakuan masing-masing kana kaagungan  sareng kasucian Hadirat Alloh SWT. Nyaeta ku nalafudzkeun kalimah-kalimah takbir, tahlil, sareng tahmid kalayan ku ati anu suci, ku manah anu ikhlas tur pasrah, pinuh ku rasa Syukur ka Alloh Robbun Ghofur.
Gumuruhna takbir dimana-mana, kaluar tina rasa syukur anu kajurung ku kabungahan rehna umat Islam parantos tiasa ngarengsekeun pancen anu beurat tur suci , tina sajero bulan Suci Romadlon. Di sagedengeun eta seja nyumponan parentah Alloh SWT. anu ka unggel dina Al-Qur'an Surat Al-Baqoroh ayat 185 :


" Jeung supaya aranjeun nyampurnakeun kana eta bilangan jeung aranjeun kudu ngagungkeun ka Alloh saperti geus nuduhkeun ka aranjeun sangkan aranjeun salukur. "

الله اكبر , الله اكبر, الله اكبر, ولله الحمد

Hadirin kaum muslimin . Bulan Romadlon parantos undur ngantunkeun urang , bulan anu pinuh kaberkahan, bulan anu pinuh ampunan, dina eta bulan diturunkeun kitab  suci Al-Qur'an anu jadi padoman pikeun sakumna umat Islam. Dina eta bulan urang  dilatih pikeun ngabiasakeun to'at disiplin ngalaksanakeun kawajiban. Ibadah puasa lain seja ngaruksak jiwa jeung raga, tapi estu  sangkan ngandelan Iman jeung takwa ka Alloh anu Maha Kawasa.

Hadirin Jama'ah 'Id Rohimakumulloh.

Ibadah puasa sangkan bisa ngaraba rasa tunggara, anu nyampak dijiwa kaum pakir, jeung miskin, yatim piatu sarta dijalma anu lieuk euweuh ragap teu aya, ngageuing diri sangkan nyaah ka papada manusa jeung sasama, daek mere maweh ka pakir miskin, yatim piatu, wani ngorbankeun harta pikeun kapentingan agama jeung balarea.
Ibadah puasa ngalatih sangkan urang ngabiasakeun mapaesan diri ku rupa-rupa akhlak anu utama sapertos sabar dina nyanghareupan sagala mamala jeung cobaan hirup, tahan uji dina ngajauhkeun kamksiatan, gede wawanen dina nanjeurkeun kahadean, nyaah, deudeuh, welas asih kasasama, ngadidik diri merangan jeung ngadalian ajakan hawa nafsu anu jadi sumberna sagala kagorengan.

الله اكبر , الله اكبر, الله اكبر, ولله الحمد

Hadirin kaom muslimin. Bagja kacida upami urang saparantosna puasa ngagaduhan Iman kuat, takwa ningkat, kanyaah kasasama  jadi tambah, dibuktikeun ku ngaluarkeun zakat fitrah. Zakat hiji amal panyampurna puasa. Puasa urang moal ditarima lamun teu ngaluarkeun zakat fitrah. Sahingga puasa urang Mudabdabun Baina samaawati wal Ardi (ngagantung antara langit sareung bumi).

الله اكبر , الله اكبر, الله اكبر, ولله الحمد

Hadirin kaum muslimin. Yaumul 'Ied hartosna balik kana kasucian. Sabab sadayana manusa khususna umat Islam sakumna balik deui kana kasucian, beresih tina dosa sareng kalepatan, boh dosa ka Alloh SWT. atanapi dosa ka sasama manusa. Yaumul 'Ied disebut Yaumus surur sabab sadaya manusa khususna umat Islam dina poe ieu pada bungah. Bungah sabab dipaparin pituduh jalan sarta kakuatan pikeun ngalaksanakeun puasa sareng ibadah-ibadah anu sejenna anu tumali sareung kautamaan bulan Romadlon. Mudah-mudahan urang sadaya tiasa ngengingkeun kabungahan, anu sakumaha pidawuh Rosululloh SAW.
للصائم فرحتان فرحة عند الافطار و فرحة عندلقاء ربه
"Pikeun jalma anu puasa aya dua kabungahan, bungah nalika buka, jeung bungah nalika tepang sareng pangeranna nyaeta Alloh SWT."

Hadirin kaom muslimin, hayu urang hormat ieu poe anu mulya ku ngalobakeun dzikir ka Alloh SWT. tobat tina sagala rupa dosa, nepungan sanak pamili, sobat-sobat kawawuhan bari silih bageakeun, silih do'akeun jeung silih lubarkeun tina sagala kaluluputan sangkan bener-bener ieu poe teh jadi poe panglebur dosa jeung kasalahan sangkan maot urang jadi jalma hampang himping tina dosa jeung kasalahan, mampu ngadalian hawa nafsu anu akhirna pinanggih jeung kabagjaan. Pidawuh Alloh SWT.





" Jeung ari jalma anu ajrih kana makom pangeranna sarta mampu ngadalian hawa nafsuna, mangka saenyana pikeun jalma anu kitu surga pitempaten nana."

الله اكبر , الله اكبر, الله اكبر, ولله الحمد

Hadirin Jama'ah Ied Rohimakummulloh.

Maot bakal nyorang ka urang , saperti nyorangna ka Indung Bapa anu tinggal tetenggerna nyaeta tangkal samboja anu aya ditiap astana. Naon anu dipikacinta moal kabawa. Tinggal urang awak sakujur, waktu harita moal aya anu dibawa ngan ukur amal sholeh, amal ibadah saperti ibadah Puasa anu dipungkas ku urang ayeuna. Dina peuting tadi sakabeh karuhun urang marulang deui ka tempat asalna masing-masing. Di antarana aya anu rebo ku pamekelan tikulawargana anu ngado'akeun jeung anu mang ngajikeun. Tapi sagedengeun eta aya aya anu lengoh ngaligincing bari ceurik sabab kulawragana teu ngado'akeun, teu mang ngajikeun. Kukituna hayu urang do'akeun karuhun urang  sadaya mudah-mudahan aya dina rohmat sareung magfirohna Alloh SWT sarta aya dina Ridlona Alloh SWT. Amiin Ya Robbal "alamiin.

الله اكبر , الله اكبر, الله اكبر, ولله الحمد

Saba'dana urang ngalaksanakeun ibadah puasa sarta bari ngamanfaatkeun hikmah-hikmahna, hayu urang tatandang deui, hirup sauyunan gawe babarengan neruskeun pangwangunan dina sagala bidang pikeun ngahontal cita-cita bangsa anu luhur, nyaeta ngawujudkeun nagara anu subur makmur, gemah ripah loh jinawi, teteg tentrem kertaharja, sepi paling, lowong rampog bari aya dina pangampura Alloh SWT. palinter tur ngabogaan akhlak anu luhur, terampil tur daek digawe pikeun ngalaksanakeun tugas sacabakna-sacabakna bari pinuh ku rasa tanggung jawab utamana dipayuneun Alloh anu Maha uninga jaga di Yaumil Jaza.

بارك الله لى ولكم بالايات والذكر الحكيم وتقبل منى ومنكم تلاوته انه هو السعيع العليم وقل رب اغفر وارحم وانت خير الراحمين.

0 Komentar untuk "KHUTBAH IDUL FITRI 1440 H/2019 M"

Back To Top