ads
ads

FALSAFAH LAGU CINGCANGKELING

MAKNA LAGU CINGCANGKELING

Manusa hirup di dunya teh ulah siga bapak Satar

Bapak satar ngabogaan sifat cing (sifat ucing). Lunda léndé, bageur pedah hareupeun dunungan.. euweuh dunungana mah ...puak paok..dahar ogé naon wéh nu lain hak na.

Bapak satar ngabogaan sifat cang (sifat peucang). uclang acleng tujah téjéh hayang nepi kana tujuanna sok sanajan najong batur. Nyikut kenca katuhu jang ngagulingkeun batur sapagawéan.

Bapak satar ngabogaan sifat keling (sifat heulang). Heulang mah mun geus di luhur (kawasa) awas panenjo na kana dahareun (piuntungeun) sok sanajan nindes jalma nu leuwih lemah.

Bapak satar boga sifat Manuk cingkleung lamun geus di luhur mugen.. cineten embung turun tina kakawasaanna. Nepi ka poho hayoh dudunya poho bawaeun ka akhérat. Nepi ka waktu ajal akhirna Bapak satar blos ka kolong (ka liang lahat) bapak satar buleneng ... teu mawa amal saeutik eutik acan.. naon anu di udag naon anu di kumpulkeun teu aya gunana.. teu aya nu dibawa iwal kagorengan nu maturan jaga di akherat na.

Janten pépéling urang sunda ieu nepi ka di lagukeun

cing cang keling. Manuk cingkleng cineten... blos ka kolong bapak satar buleneng...
0 Komentar untuk "FALSAFAH LAGU CINGCANGKELING"

Back To Top