KHUTBAH JUMAT
SANGKAN DOA DIKABUL
Puji syukur ka Alloh swt. Anu mana
mantena parantos masihan yuswa kaurang sadaya, sahingga urang masih tiasa
ngalaksanakeun ibadah terutami nyaeta ibadah solat jum’ah.
Solawat sareng salam mugia tetep
dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya habibana wanabiyana Muhammad saw.
Kakulawargina , kapara sahabatna, sareng kaumatna tiawal dugi ka Yaumil akhir.
Amiin Yaarobbal ‘alamin.
Hadiri Sidang Jum’at Rh.
Gusti Alloh nyiptakeun alam katut
pangesina keur kapentingan manusa. Tapi sanajan kitu manusa kudu ikhtiar keur
nyumponan kapentinganna. Ku lantaran kitu dina ikhtiarna manusia ulah
kendat-kendana ngadu’a, sangkan sagala ikhtiarna tinekanan.
Dawuhan Alloh
Jeung lamun hamba-hamba kami nanyakeun
ngenaan kami, (pok caritakeun)mangka sateen kami deukeut, pikeun ngaijabah kana
pamentana anu ngadu’a nalika manehna ngadu’a ka kami.; mangka prak geura menta
diijabah ku kami, sarta kudu iman ka kami, mudah-mudahan aranjeun menang
pituduh. (Al-Baqarah : 186)
Dina Kitab Durotunnasihin diterangkeun yen
Ibrahim bin Adhan kantos ditaros perkara ngadu’a, naon sababna pangna Alloh teu
ngaijabah kana du’ana, padahal dina Qur’an Alloh ngajamin bakal ngaijabah ? Ibrahaim ngawaler :
Pangna Alloh teu ngaijabah kana pamenta anjeun,
sabab anjeun paeh hate dina sapuluh perkara :
- Anjeun nyaho ka Alloh, tapi teu daek nyumponan kana hak anjeuna.
- Anjeun maca kana Qur’an , tapi eusina dibaekeun atawa dipohokeun.
- Anjeun akon-akon cinta ka Rosul, tapi sunahna ditinggalkeun ku anjeun.
- Anjeun umangkeuh ngamusuh ka setan, tapi dina kanyataanna anjeun nyaluyuan pagawean setan.
- Anjeun haying asup ka surge, tapi pisurgaeun ku anjeun teu dipilampah.
- Paribasa anjeun sieun ku naraka, tapi kalakuan pinarakaeun.
- Ari kana dosa batur anjeun awas, sedengkeun kana dosa sorangan teu remeng-remeng acan.
- Ari ka batur anjeun nitah bener, tapi ari sorangan salawasna teu eucreug.
- Ari ka batur anjeun ngajurung kudu zakat kudu sodaqoh, ari anjeun sorangan medit kabina-bina.
- Ari nganteurkeun mayit ka makam remen, tapi dina hate anjeun teu ngancik saeutik-eutik acan yen anjeun ge bakal kitu.
Hadirin siding Jum’ah RHK.
Perlu jadi bahan tengetaneun pikeun urang
sangkan nu sapuluh perkara anu ditataan ku Ibrahim tadi teu keuna ka urang.
Kujalan kitu mudah-mudahan du’a urang slawasna dikabul ku gusti Alloh, bari
dibarengan ku ridho Alloh SWT. Amiin.
0 Komentar untuk "KHUTBAH JUMAT SANGKAN DOA DIKABUL"