Hadirin RHK.
Alhamdulillah Urang sadaya ayena parantos aya
diambang pintu sasih saum, bulan anu pinunjul anu pinuh barokah, rahmat, sareng
ampunan.
Rasululloh SAW. Ngadawuh :
لوتعلمواامه ما في رمضان لتمنوا ان تكون
سنة كلها رمضان
“Lamun tea mah umat kaula apaleun kana
eusina bulan romadhon pasti bakal ngarep-ngarep kana sakabeh taun kana bulan
romadhon.”
Naon sababna , Rosululloh SAW. Ngadawuh :
لان
الحسنة فيه مجتمعة , وطاعة مقبولة , والدعوات مستجابة , والذنوب مغفورة , والجنة
مستقة لهم
“ Saenyana kahadean dina bulan romadhon eta
dikumpulkeun, sagala to’at ditarima, do’a dijabah, dosa dihampura, sareng surga
ngantos-ngantos kajalmi anu saum dibulan romadhon.”
Hadiri RHK.
Kahadean dibulan romadhon dilipat gandakeun, sahingga
sarokaat solat sunat dinilai sarokaat solat pardu di luar romadhon, sarokaat
solat fardu dinilai 70 rokaat di luar romadhon.
Sajabi ti eta seueur pisan kamulyaan bulan romadhon.
Rosululloh SAW. Ngadawuh :
قد جاءكم شهر مبارك, افترض الله عليكم
صيامه, تفتح فيه ابواب الجنة , وتغلق ابواب الجحيم, وتغل فيه الشياطين, فيه ليلة
خير من الف شهر.
“ Geus datang ka ranjeun bulan anu pinuh
kubarokah, dimana gusti Alloh ngawajibkeun ka aranjeun puasa di jerona,
dibukakeuna panto-panto Surga, ditutupna panto-panto naraka, dibarogodna
syetan, jeung dijerona aya peutig anu lewih alus tibatan sarebu bulan nyaeta
laelatul Qodar.
Hadirin RHK.
Kukituna
mangga urang sambut bulan romadhon anu suci ieu, mudah-mudahan uarang sadayana
kenging barokah, rahmat , sareng ampunan ti Alloh SWT. Amiiin
0 Komentar untuk "KHUTBAH JUMAT BULAN RAMADLAN MEMBENTUK BUDI LUHUR"