ads
ads

KHUTBAH JUMAT CINTA 5 PERKARA MOPOHOKEUN 5 PERKARA

KHUTBAH JUMAT
CINTA 5 PERKARA MOPOHOKEUN 5 PERKARA





Puji syukur ka Alloh swt. Anu mana mantena parantos masihan yuswa kaurang sadaya, sahingga urang masih tiasa ngalaksanakeun ibadah terutami nyaeta ibadah solat jum’ah.
Solawat sareng salam mugia tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya habibana wanabiyana Muhammad saw. Kakulawargina , kapara sahabatna, sareng kaumatna tiawal dugi ka Yaumil akhir. Amiin Yaarobbal ‘alamin.
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Kujalan taqwa bisa ngabuahkeun amal soleh, Rasululloh saw. Ngadawuh :

 
 
  

“Bakal datang kaumat kaula hiji waktu dimana manusa bakal cinta kana lima perkara jeung mopohokeun lima perkara; maranehna cinta kana dunya poho ka akherat, cinta kana hirup poho kana maot, cinta kana gedong-gedong mewah poho kana kubur, cinta kana harta poho kana hisaban, jeung cinta ka makhluk poho kaholik (nunyiptakeun). “
Hadits ieu masihan peringatan ka urang sadaya yen hirup di dunya ngan ukur samentara, sedengkeun kahirupan anu abadi nyaeta akherat.
Alloh swt.ngadawuh dina surat al-mukmin ayat 39 :
  
“ Hey kaum muslimin saenyana kahirupan dunia ieu ngan saukur samentara jeung saenyana akherat eta negri anu langgeng”
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Maot eta hal anu bakal karandapan kusakabeh mahluk anu moal aya anu bisa ngahindar tina eta maot.
Dawuhan Alloh swt. :
“Tiap-tiap umat ngabogaan ajal, dimana datang eta ajal , maka moal bisa diengkekeun deui jeung moal bisa diburu-buru sasaat oge.” (Al-‘Arop : 34)
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Manusa sok kadang poho kana ibadah, poho kana amal soleh, jeung poho kana amanah anu geus ditarima tibaheula.
Dawuhan Alloh swt. :
“ Saenyana kami geus mikeun amanah kalangit, kabumi, ka gunung-gunung, mangka sakabehna teunarima kana eta amanah sabab sieun kana hianatna, mangka eta amanah ditarima ku manusa , saenyana manusa teh pohara dolimna” (Al-Ahjab : 72)
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Manusa sok ngagung-ngagung kana gedong sigrong, ngan hanjakal sok poho kana kubur. Sedengkeun kubur eta permulaana akherat, mun salamet dikubur, maka bakal salamet saterusna.



 Rasululloh SAW ngadawuh :

 

“ Kuburan teh ngarupakeun mimitina tempat di akherat jeung tempat anu akhir ti alam dunya”
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Dina poe perhitungan amal, manusa bakal narima katangtuan nasibna, naha disurga atawa dinaraka. Maranehna bakal narima catetan amal, lamun narimana ku lengeun katuhu ciri jalma bagja , jeung lamun narimana ku leungeun kenca ciri bakal cilaka.
 Alloh Swt. Ngadawuh:
“ Jeung anapon jalma nunarima kitabna tisabeulah katuhu maka bakal menang hisaban anu ringan, jeung bakal kumpul jeung keluargana kalayan dina kabungahan. Jeung anapon jalma nunarima kitabna ti tukang, mangka manehna ngajerit aduh cilaka , jeung bakal diasupkeun kana naraka Sa’ir.”(Al-Insyiqoq : 7-12)
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Kukituna hayu urang sami-sami ngereuyeuh ngalakonan ibadah , malah mandar urang sadaya salamet didunya sareng diakherat, amin yarobbal ‘alamin.











0 Komentar untuk "KHUTBAH JUMAT CINTA 5 PERKARA MOPOHOKEUN 5 PERKARA"

Back To Top