KHUTBAH JUMAT
OBAT PANYAKIT HATE
Puji syukur ka Alloh swt. Anu
mana mantena parantos masihan yuswa kaurang sadaya, sahingga urang masih tiasa
ngalaksanakeun ibadah terutami nyaeta ibadah solat jum’ah.
Solawat sareng salam mugia
tetep dilimpahken ka jungjunan urang sadaya habibana wanabiyana Muhammad saw.
Kakulawargina , kapara sahabatna, sareng kaumatna tiawal dugi ka Yaumil akhir.
Amiin Yaarobbal ‘alamin.
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Dina saat ieu hayu urang
nitenan sala sawios dawuhan Rosululloh saw.
ان في الجسد مضغة اذا صلحت صلح الجسد كله واذا
فسدت فسد جسد كله
“ Kanyahokeun yen saenyana dina jero jasad aya sapotong daging,
lamun alus eta sapotong daging, maka bakal alus sakabehna. Jeung lamun ruksak
eta sapotong daging, maka sakabehna bakal ruksah. Kanyahokeun eta teh hate.”
Hate anu suci nyaeta hate anu
bersih tina sagala panyakit batin, anu di antarana nyaeta ; sombong, ujub riya
takabur, koret, sum’ah, males dengdam jst.
Sakabeh panyakit ieu perlu
diubaran/dibersihan, sabab lamun teu buru-buru dibersihan, eta panyakit bakal
kabawa ka akherat, anu akibatna matak jauh tina rido Alloh, bahkan sabalikna
ngondang adzab Alloh. Kusabab kitu, peryogi
urang buru-buru ngabersihan eta panyakit. Ubar anu ampuh teu aya deui
iwal ti ku dzikir ka gusti Alloh. Hal ieu dumasar kana pidawuh Rosululloh saw.
“ Dzikir ka gusti Alloh eta
obat panyakit hate”
كل شيء صقال وصقالة القلوب ذكرالله
“
satiap perkara aya paragi ngabersihanana, jeung
pikeun ngabersihkeun hate nyaeta ku dzikir kagusti Alloh. “
Hadirin
Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Sagala pagawean hate eta anu
utama, sahingga gusti Alloh ningali kamanusa nyaeta kana hatena.
Rosululloh saw. Ngadawuh :
ان الله لا ينظر الي صواركم ولا الي اجسمكم ولا
الي اموالكم ولكن ينظر الي قلوبكم
“Saenyana gusti Alloh heunteu ningali kana rupa
anjeun, kana jasad anjeun, tapi ningali kana hate anjeun “
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Lamun seug urang bisa miara
hate sarta hatena di pake dzikir kagusti Alloh, tinangtu urang sadaya aya dina katenangan jeung katrentreman.
Gusti Alloh ngadawuh :
ياايهاالذين امنوا تظمئن القلوبهم بذكرالله الا
بذكرالله تظمئ القلوب
“Hai jalma-jalma anu airman, hate anjeun bakal
tarenang kusabab dzikir ka gusti Alloh, sing inget ngan ku dzikir ka gusti
Alloh hate aranjeun tarenang.”
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Lamun hate geus
trentrem/tenang, maka bakal digero ku gusti Alloh :
“ Hai jiwa anu tenang, gera
balik kapangeran anjeun, kalayan hate anu dipikaridho, maka kudu arasup aranjeun
kana golongan hamba-hamba kaula, jeung
geura arasup aranjeun kana surga kaula “
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Mudah-mudahan urang sadaya tiasa ibadah kalayan ikhlas
sarta aya dina ridho sareng pangampura Alloh SWT. Amiin Yarobbal ‘Alamiin.
0 Komentar untuk "KHUTBAH JUMAT OBAT PANYAKIT HATE"