ads
ads

KHUTBAH JUMAT HATE NU SUCI (dalam Bahasa Sunda)

HATE NU SUCI

 Puji syukur ka Alloh swt. Anu mana mantena parantos masihan yuswa kaurang sadaya, sahingga urang masih tiasa ngalaksanakeun ibadah terutami nyaeta ibadah solat jum’ah. Solawat sareng salam mugia tetep dilimpahken ka jungjunan urang sadaya habibana wanabiyana Muhammad saw. Kakulawargina , kapara sahabatna, sareng kaumatna tiawal dugi ka Yaumil akhir. Amiin Yaarobbal ‘alamin. Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh. Dina saat ieu hayu urang nitenan sala sawios dawuhan Rosululloh saw.
 ان في الجسد مضغة اذا صلحت صلح الجسد كله واذا فسدت فسد جسد كله “ 
Kanyahokeun yen saenyana dina jero jasad aya sapotong daging, lamun alus eta sapotong daging, maka bakal alus sakabehna. Jeung lamun ruksak eta sapotong daging, maka sakabehna bakal ruksah. Kanyahokeun eta teh hate.” Hate anu suci nyaeta hate anu bersih tina sagala panyakit batin, anu di antarana nyaeta ; sombong, ujub riya takabur, koret, sum’ah, males dengdam jst. Sakabeh panyakit ieu perlu diubaran/dibersihan, sabab lamun teu buru-buru dibersihan, eta panyakit bakal kabawa ka akherat, anu akibatna matak jauh tina rido Alloh, bahkan sabalikna ngondang adzab Alloh. Kusabab kitu, peryogi urang buru-buru ngabersihan eta panyakit. Ubar anu ampuh teu aya deui iwal ti ku dzikir ka gusti Alloh. Hal ieu dumasar kana pidawuh Rosululloh saw. “ Dzikir ka gusti Alloh eta obat panyakit hate
” كل شيء صقال وصقالة القلوب ذكرالله “
 satiap perkara aya paragi ngabersihanana, jeung pikeun ngabersihkeun hate nyaeta ku dzikir kagusti Alloh. “ Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh. Sagala pagawean hate eta anu utama, sahingga gusti Alloh ningali kamanusa nyaeta kana hatena. Rosululloh saw. Ngadawuh :
 ان الله لا ينظر الي صواركم ولا الي اجسمكم ولا الي اموالكم ولكن ينظر الي قلوبكم “
Saenyana gusti Alloh heunteu ningali kana rupa anjeun, kana jasad anjeun, tapi ningali kana hate anjeun “ Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh. Lamun seug urang bisa miara hate sarta hatena di pake dzikir kagusti Alloh, tinangtu urang sadaya aya dina katenangan jeung katrentreman. Gusti Alloh ngadawuh :
 ياايهاالذين امنوا تظمئن القلوبهم بذكرالله الا بذكرالله تظمئ القلوب 
“Hai jalma-jalma anu airman, hate anjeun bakal tarenang kusabab dzikir ka gusti Alloh, sing inget ngan ku dzikir ka gusti Alloh hate aranjeun tarenang.” Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh. Lamun hate geus trentrem/tenang, maka bakal digero ku gusti Alloh : “ Hai jiwa anu tenang, gera balik kapangeran anjeun, kalayan hate anu diridoan, maka kudu arasup aranjeun kana golongan hamba-hamba kaula, jeung geura arasup aranjeun kana surga kaula “ Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh. Mudah-mudahan urang sadaya dijantenkeun jalmi anu takwa sarta mampu ngalaksanakeun ibadah anu dibarengan ku dzikir ka gusti Alloh, anu malah mandar urang sadaya kenging katenangan, kasalametan, di dunya sareng di akherat. Amiin ya robbal ‘alamin.
0 Komentar untuk "KHUTBAH JUMAT HATE NU SUCI (dalam Bahasa Sunda) "

Back To Top