ads
ads

KHUTBAH JUMAT BULAN RAMADAN MENDIDIK BUDI YANG LUHUR

BULAN RAMADAN MEMBENTUK BUDI YANG LUHUR

Hadirin RHK. Alhamdulillah 
Urang sadaya ayena parantos aya diambang pintu sasih saum, bulan anu pinunjul anu pinuh barokah, rahmat, sareng ampunan. Rasululloh SAW. Ngadawuh :
لوتعلمواامه ما في رمضان لتمنوا ان تكون سنة كلها رمضان 
“Lamun tea mah umat kaula apaleun kana eusina bulan romadhon pasti bakal ngarep-ngarep kana sakabeh taun kana bulan romadhon.” Naon sababna , Rosululloh SAW. Ngadawuh :
 لان الحسنة فيه مجتمعة , وطاعة مقبولة , والدعوات مستجابة , والذنوب مغفورة , والجنة مستقة لهم “ 
Saenyana kahadean dina bulan romadhon eta dikumpulkeun, sagala to’at ditarima, do’a dijabah, dosa dihampura, sareng surga ngantos-ngantos kajalmi anu saum dibulan romadhon.” Hadiri RHK. Kahadean dibulan romadhon dilipat gandakeun, sahingga sarokaat solat sunat dinilai sarokaat solat pardu di luar romadhon, sarokaat solat fardu dinilai 70 rokaat di luar romadhon. Sajabi ti eta seueur pisan kamulyaan bulan romadhon. Rosululloh SAW. Ngadawuh :
 قد جاءكم شهر مبارك, افترض الله عليكم صيامه, تفتح فيه ابواب الجنة , وتغلق ابواب الجحيم, وتغل فيه الشياطين, فيه ليلة خير من الف شهر. “ 
Geus datang ka ranjeun bulan anu pinuh kubarokah, dimana gusti Alloh ngawajibkeun ka aranjeun puasa di jerona, dibukakeuna panto-panto Surga, ditutupna panto-panto naraka, dibarogodna syetan, jeung dijerona aya peutig anu lewih alus tibatan sarebu bulan nyaeta laelatul Qodar. Hadirin RHK. Kukituna mangga urang sambut bulan romadhon anu suci ieu, mudah-mudahan uarang sadayana kenging barokah, rahmat , sareng ampunan ti Alloh SWT. Amiiin.
0 Komentar untuk "KHUTBAH JUMAT BULAN RAMADAN MENDIDIK BUDI YANG LUHUR"

Back To Top