KASAIMBANGAN HIRUP
Assalamu’alaikum
Wr.Wb.,
Puji syukur mangga urang sami-sami
panjatkeun ka hadirat Alloh SWT anu parantos maparin kanikmatan iman sinareng
Islam dugi ka dangeut ieu urang sadayana masih dina kaayaan sehat wal’afiat
sahingga tiasa ngalaksanakeun salah sahiji kawajiban hirup urang sadayana
nyaeta ngalaksanakeun ibadah jum’at di masjid ieu.
Sholawat sinareng salam mugia tetep
kacurahlimpahkeun kanggo junjungan urang sadayana, Nabi Muhammad SAW., ka para
sahabatna, ka para tabi’it tabi’in anu satia dugi akhir zaman anu insya Alloh
kalebet oge urang sadayana.
Dina kasempetan ayeuna khotib masihan
wasiat khususna kanggo pribados nyalira sareng ka jama’ah jum’at sadaya, hayu
urang sami-sami ningkatkeun kaimanan sareng kataqwaan ka Alloh SWT ku
ngalaksanakeun sagala parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna supados
kenging ridho ti mantenna. Alloh SWT nyiptakeun manusa teh kalayan makhluk anu
panghadena di dunya ieu, jeung dibere akal sarta nurani. Sajabi ti janten hamba
Alloh oge janten kholifah di bumi anu dipaparin kawajiban pokok nyaeta ibadah.
Dawuh Alloh SWT dina surat adz-dzariat ayat 56 :
“Jeung Kuring (Alloh) henteu nyiptakeun jin jeung manusa teh teu aya lian pikeun maranehna kacuali nyembah ka Kawula.”
Nyembah dina harti luas nyaeta sagala
rupa bentuk pangabdian atawa ibadah nu hade didasaran parentah Allah jeung
sakumaha Rasulullah parantos nyontohkeun dina ngalaksanakeunna, boh ibadah
langsung ka Alloh (Hablu minalloh) atanapi ibadah kasasama manusa (hablu
minannas). Sajabi ti eta oge, manusa teh kudu bisa ngalola jeung ngamanfaatkeun
naon-naon nu ku Gusti Alloh ciptakeun di dunya ieu pikeun kasejahteraan hirup
manusa sebab nu kitu teh masih keneh kaasup kana ibadah.
Hadirin
Rohimakumullah,
Urang sadayana yakin yen sagala urusan
dunya nu disinghareupan baheula nepi ayena ieu, sanajan urang ngadekul teu
euereun-eureun beurang jeung peuting moal aya beakna jeung tungtungna salila
hawa masih kaluar tina irung, pagawean jeung pangabutuh teh bakal datang.
Salaku jalma nu boga iman mah kudu bisa ngatur jeung ngatasi perkara eta. Sabab
lamun urang teu bisa ngatur jeung ngabatasan pangabutuh hirup urang leuwih
bahayana leungiteun kabahagian hirup jeung kasaimbangan hirup dina kahirupan
sapopoe.
Alloh Maha Adil nyiptakeun kabeh mahluk
teh aya pasanganna samodel langit jeung bumi, daratan jeung lautan, halodo
jeung hujan, lalaki jeung awewe leuwih tina hal eta jasmani jeung rohani.
Patali tina sakian ciptaan nu hade, geus sakuduna urang bisa miara jeung ngatur
sanajan sawareh oge nu aya kaitan jeung hajat (pangabutuh) urang salaku manusa
supaya bisa maju, lancar, sauyunan tur saimbang, utamana mah pangabutuh jasmani
jeung rohani eta. Kasaimbangan dina pandangan Islam teh nyaeta mangrupikeun
faktor nu penting, malahan jadi tujuan jeung cita-cita hirup keur muslim.
Sakumaha parantos ditetelakeun dina Al-Qur’an surat Al-Baqoroh ayat 201 :
“Jeung di antara maranehna aya jalma anu ngado’a : ‘Nun gusti, pasihan diri kami kasaean di dunya sareng kasaean di akherat sareng piara diri kami tina siksa seuneu naraka’”.
Leuwih jelasna deui Rasululloh ngadawuh dina hadits nu diriwayatkeun ti Ibnu Asyakir :
“ Jalma nu niggalkeun urusan dunya ngan saukur pikeun akherat teh lain jalma nu hade, kitu oge jalma nu ninggalkeun urusan akherat ngan saukur pikeun dunya kacuali lamun manehna meunangkeun dunya jeung akherat babarengan sabab dunya teh jalan keur ka akherat jeung urang teh ulah jadi beban keur batur”.
Hadirin Rohimakumullah,
Tina ayat Qur’an jeung hadits di luhur
meunang kasimpulan sapertos kieu :
1. Urang sadayana dituntut kudu bisa
nyaimbangkeun miwah kapentingan lahiriyah duniawiyah jeung kapentingan
ruhaniyah ukhrowiyah, ulah dugi kabeurat sabeulah komo lamun mentingkeun salah
sahijina. Duanana kudu saimbang, sajalan, sauyunan jeung saarah. Sakumaha conto
saimbang jeung saarahna rel kareta api teu bisa jangkung sabeulah, sabab bisa
ngakibatkeun kareta api nyangeyeng malahan bisa tiguling.
2. Dunya teh mangrupikeun jambatan keur
nuju akherat. Dunya ieu lain tujuan sabab fana nu sawaktu-waktu geus
ditangtukeun ku Gusti Alloh pasti bakal ancur jeng binasa ka asup manusa nu
bakal balik nyinghareupan ka nu nyiptakeunana nyaeta Alloh SWT.
Hadirin Sidang Jum’at Rohimakumulloh,
Mung sakieu rupina khutbah nu tiasa
didugikeun dina kasempetan ayeuna, mugia aya manfaat khususna kanggo khotib
sareng umumna ka para jama’ah salaku kaum muslimin. Mugia Alloh SWT maparin
kakiatan Iman tur kataqwaan dina ngalaksanakeun kahirupan urang sadayana
sahingga tiasa ngajalankeun parentahna sareng ngajauhan sagala laranganna nu
akhirna Gusti Alloh maparin karidhoan-Na. Amin Ya Robbal ‘alamin.
Wassalamu’alaikum Wr.Wb.
0 Komentar untuk "KHUTBAH JUM'AT KESEIMBANGAN HIRUP terbaru 2018"