KHUTBAH JUM'AT
KEHIDUPAN MANUSIA DALAM KELUH KESAH
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Puji syukur ka Alloh swt. Anu mana
mantena parantos masihan yuswa kaurang sadaya, sahingga urang masih tiasa
ngalaksanakeun ibadah terutami nyaeta ibadah solat jum’ah.
Solawat sareng salam mugia tetep
dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya habibana wanabiyana Muhammad saw.
Kakulawargina , kapara sahabatna, sareng kaumatna tiawal dugi ka Yaumil akhir.
Amiin Yaarobbal ‘alamin.
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
Urang sadaya
sadar yen sagala pasoalan anu disanghareupan ku manusa can tangtu bisa
dipecahkeun ngan saukur ku akal pikiran wungkul, jalaran eta Alloh SWT masihan
tungtunan hirup anu sampurna keur manusa dina ngalaksanakeun amanahna, nyaeta
agama Islam. Tapi teu saeutik di antara maranehna poho yen dirina teh hamba
Alloh anu ngabogaan tugas kakhalifahan di ieu alam. Maranehna poho kana nikmat
Alloh , maranehanana angabogaan anggapan yen naon anu kapimilik eta mangrupa
usaha tur hasil susah payahna, maranehna ingkar kana tungtunan Alloh . Lamun
maranehanana ditibanan musibah, siga nubingung bari ngalengis, muntang-muntang
kana kaasihna Alloh.
Sakumaha dawuhan Alloh dina Al-Qur’an :
إِنَّ ٱلۡإِنسَٰنَ خُلِقَ
هَلُوعًا ١٩ إِذَا مَسَّهُ ٱلشَّرُّ جَزُوعٗا ٢٠
وَإِذَا مَسَّهُ ٱلۡخَيۡرُ مَنُوعًا ٢١
إِلَّا ٱلۡمُصَلِّينَ ٢٢
“Saenyana manusa diciptakeun dina kaayaan
susah payah, lamun pareng ditibaan musibah maranehanana sungkan jeung payah,
tapi lamun pareng manggih kasenangan manehna poho ka anu lian, kajaba
jalma-jalma anu ngadegkeun solat.”
Sawarehna manusa aya oge anu taat kana parentah Alloh, dina waktu
bungah jeung dina waktu susah maranehna tetep ngadegkeun solat, tah nu kitu
kaasup kana golongan anu takwa. Jalma anu takwa salawasna syukur ka gusti Alloh
jeung maranehna tara leungit kadali dimana menang kasusah jeung musibah,
maranehna yakin kana jangji Alloh :
وَمَن يَتَّقِ ٱللَّهَ
يَجۡعَل لَّهُۥ مَخۡرَجٗا ٢ وَيَرۡزُقۡهُ مِنۡ حَيۡثُ لَا يَحۡتَسِبُۚ
“Sing saha anu takwa ka Alloh, pasti Alloh bakal mere jalan ka
manehna tur mere rizki tina jalan anu teu disangka-sangka.”
Hadirin Sidang jum’ah rohima kumulloh.
asusah anu kaalaman ku jalma-jalma anu
takwa eta henteu ngajadikeun robahna iman maranehna, malah maranehna beuki
deukeut ka gusti Alloh. Maranehna teu mopohokeun kana nikmat ti pangeran anu ku
maranehna geus karasa nyaeta ku jalan syukur tur ngagunakeun hartana dina jalan
Alloh.
0 Komentar untuk "KHUTBAH JUM'AT KEHIDUPAN MANUSIA DALAM KELUH KESAH "