ads
ads

KHUTBAH JUMAT TUGAS RASULULLOH SAW

KHUTBAH JUMAT TUGAS RASULULLOH SAW

السلام عليكم ………. الخ
اَلْحَمْدُ للهِ الَّذِى وَفَّقَ الْعَامِلِيْنَ بِطَاعَتِهِ فَوَجَدَ سَعْيُهُمْ مَشْكُوْرًا. اَشْهَدُ اَنْ لاَاِلهَ اِلاَّ اللهُ الَّذِى خَلَقَ كُلَّ شَيْئٍِ فَقَدَّرَهُ تَقْدِيْرًا وَاَشْهَدُ اَنَّ سَيَّدَنَا مُحَمَّدًا عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ صَاحِبُ اْلإِسْرَى ( اَمَّا بَعْدُ ) فَيَا اَيُّهَا الْحَاضِرُوْنَ. اُوْصِيْكُمْ وَاِيَّاىَ بِتَقْوَى اللهِ . اَعُوْذُ بِاللهِ مِنَ الشَّيْطَانِ الرَّجِيْمِ بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ : يَااَيُّهَا النَّبِىُّ اِنَّا اَرْسَلْنَاكَ شَاهِدًا وَمُبَشِّرًا وَنَدِيْرًا وَدَاعِيًا اِلَى الله بِإِذْنِهِ وَسِرَاجًا مُنِيْرًا

Hadirin Sidang Jum’at Rahimakumullah.
Puji syukur ka Alloh swt. Anu mana mantena parantos masihan yuswa kaurang sadaya, sahingga urang masih tiasa ngalaksanakeun ibadah terutami nyaeta ibadah solat jum’ah.
Solawat sareng salam mugia tetep dilimpahkeun ka jungjunan urang sadaya habibana wanabiyana Muhammad saw. Kakulawargina , kapara sahabatna, sareng kaumatna tiawal dugi ka Yaumil akhir. Amiin Yaarobbal ‘alamin.
Tina sapalih ajaran taqwa mangga urang sami-sami ngalenyepan kana dawuhan Allah swt. dina surat Al-Ahzab ayat 45-46:

يَٰٓأَيُّهَا ٱلنَّبِيُّ إِنَّآ أَرۡسَلۡنَٰكَ شَٰهِدٗا وَمُبَشِّرٗا وَنَذِيرٗا ٤٥ وَدَاعِيًا إِلَى ٱللَّهِ بِإِذۡنِهِۦ وَسِرَاجٗا مُّنِيرٗا ٤٦

Wahai Nabi saestuna kaula anu agung ngutus anjen pikeun jadi saksi sareng anu mawa kabar bungah sareng anu mere peringatan sareng pikeun anu ngajak kana agama Allah kalawan izin mantena jeng pikeun jadi cahaya anu nyaangan.

Tina ayat diluhur tiasa dipahami bahwa sapalih misina kanjeng Nabi SAW diutus Allah ka muka bumi aya genep :

1.      Syaahidan = janten saksi

Janten urang sadaya moal tiasa ngelah eungke di poe kiamah nalika didakwa dipayunan mahkamah rabbul izati. Lamun tea mah hiji jalma didakwa ku Allah kunaon anjeun ibadah teu make elmu, terus eta jalma ngajawab “ da abdimah teu terang” .

2.      Mubasyiron = alat pangbubungah

3.      Nadiron= alat panyingsienan

4.      Da’ian Illallah Biidnih = anu ngajak kana agama Allah kalawan izina

Dakwahna kanjeng rasul ngajak kanu jadi umatna salami 23 tahun alam dunya beres roes Al-Qur’an 30 juz disebarkeun dikolong langit angeus.
Tah upami yuswa urang tos 30 tahun parantos sabaraha jalma, urang ngislamkeun maranehna.

5.      Sirojam Muniiro = janten sinar anu nyaangan

Surokoh anu niat ngabunuh Nabi jadi Iman
Anu tukang nyiduhan jadi Iman

0 Komentar untuk "KHUTBAH JUMAT TUGAS RASULULLOH SAW"

Back To Top