Karya: Ceu Ningsih
Saminggu méméh Lebaran geus dibéré cuti ku dunungan, Kuring tatahar rék ka lembur, rék ngajaran jalan darat, hayang nyaho kumaha rasana, numpak beus ka Jawa ti Sumatera.
Tikét onlen geus dipesen, Allhamdulilah kabagéan beus nu pangalusna, eksekutif, bubuhan diongkosan ku nu boga proyék di Pekanbaru. Nu di lembur geus diberan, yén bakal nepi tilu poé méméh takbiran, sabab mun lancar di jalan, tilu poé karék nepi ka Merak.
"Cep, kadé tarapti babawaan! Ulah aya nu tinggaleun!" Ceuk indung basa video call.
"Siap Mah!" Kuring imut, geus sono nataku ka nu di lembur. Pangpangna ka Elis, pipamajikaneun. Panggih ukur dina WA, geus sataun teu apel.
"Kang Cecep, sabaraha dinten di lembur?" Cenah basa harita nelepon.
"Sabulan, lumayan lila! Wareg pokona mah keur sosonoan!" Témbal Kuring dibarung ku gereget hayang buru-buru panggih. Mun seug geus dihalalkeun, rék dibawa ka Pekanbaru. Sina dagang di proyék tempat Kuring digawe, hég jauh ka kota, pangdeukeutna ka Bukittinggi, éta gé satengah poé kakara nepi mun pareng balanja keur kaperluan sapopoé.
Gawé di proyek panambangan batu, ngolah batu tina sagedé imah, nepi ka jadi batu split. Kabeneran Kuring mandorna, kabéh pagawé di greup Kuring urang Jawa, lolobana ti Sumedang, batur salembur hungkul. Sagreup aya tujuhan, béda pacabakan, aya nu kana mesin, bagéan dapur jeung pagawé administrasina.
"Cep, kumaha THR?" Wahyu babaturan gawé nu bagéan mesin.
"Kalem Mang, THR dua bulan gajih, ngan engké balik deui ka dieu moal diongkosan, wayahna sesakeun keur ongkos ulah dibéakkeun!" Témbal Kuring bari nyatet ngaran pagawé.
"Cep, uing mah rék kana kapal ngapung ah! Hayang buru-buru nepi ka lembur, sono ka pamajikan, geus ngagayot duh!" Ucup nyengir.
"Haha, beukian manéh mah!" Nanang nyakakak.
"Sarua deuh ah! Ari geus sosonoan téh maké kudu nyalingker ka pipir!" Umar jebi, sarua jeung Kuring manéhna mah can ngalaki rabi deui, ngaduda geus rék lima taun, budakna hiji diurus ku lanceukna di lembur.
"Wayahna, kabéh kana beus, uing geus pesen anu eksekutif. Ari lilana mah sarua, ngan ngeunah di jalan, teu kudu mikiran keur dahar!" Ceuk Kuring rada asa-asa rék balaka, sabab lolobana hayang kana kapal udara.
Kaciri loba nu hareneg, ari geus da ku dunungan ditangtukeun kudu naék naon-naona mun ka lembur.
Nu digarawé geus tatahar, babawaan geus diargokeun tiheula ka lembur, mulang ngaligincing, gajih jeung THR ditransfer, mawa salin ukur dua stel. Sapoé méméh indit ti terminal Pekanbaru ka Palabuan Bakauheni Lampung, kabéh pagawé bébérés bédéng, parabot gawé disimpen tarapti. Mesin dipariksa, kaasup alat-alat dapur, bisi aya nu maok. Pangalaman baheula, tos ti lembur téh ngadon boborot meuli parabot da laleungitan.
"Hayu, siap! Bissmillah cuang ka lembur poé ieu, mugia salamet di jalan, taya halangan harungan, séhat jeung lancar sagala rupana!"Ceuk Wahyu nu dipikolot.
"Aamiin!"
"Kadé euweuh nu tinggaleun?" Kuring rarat rérét ka sakabéh pagawé.
"Mang Wahyu, Ucup, Umar, Nanang, Tedi, Beni, araya nya?" Kuring ngabsén nataan ngaran pagawé.
"Aya kabéh Cep!" Témbal Wahyu.
Naék beus alus, di jerona ngareunah eun, aya WC, karokéan, asa di jero hotel, maké jeung disadiaan kasur leutik bisi rék nyanghunjar meureun.
Geus dariuk merenah, kari nungguan indit, eusi beus teu pati loba jiga beus biasa, cenah mah ongkosna sajuta saurangna. Nya meujeuh wéh, rék deukeut ka lebaran mah sok naraék ongkos kandaraan téh. Komo mun ngapung, nepi ka dua jutaan sabalik.
Teu lila, beus mimiti kaeusian, geus kabéh korsi pinuh, supirna mimiti ngabéjaan, yén beus rék indit.
"Perhatian para penumpang, sebentar lagi kita akan berangkat, mohon berdoa untuk keselamatan kita bersama!" Cenah.
Panumpang ngadaru'a, bari jeung memener diuk sewang-sewangan, dibebenah, digegenah ngarah tumaninah.
Teu lila beus maju lalaunan, ninggalken terminal Pekanbaru.
Kuring lelengutan, lantaran beus majuna laun pisan. Asa arateul hayang téréh tepi, mun seug bisa nyupiran mah rék dilumpatkeun jiga elf di Jawa. Teuing meureun nu diutamakeun kasalametan, da jalan lintas Sumatera téh kaasup jalan nu beurat jeung rarumpil sanajan alus jalanna, ngan palebah ngaliwat ka leuweung mah sok rada ngebut bisi kapoékan hég mogok, bakal jadi mamala, jauh ti béngkél, jalan sepi jeung pangpangna mah loba kénéh sato galak.
Masang headset bari ngadéngékeun lagu dina hapé, suku nyanghunjar bari disimbutan. Panon rada cepel, tunduh jeung capé.
"Mas! Mas!" Aya nu nepakan taktak.
Koréjat Kuring hudang, headset dilaanan, rét ka nu nepak taktak, wanoja geulis, maké tiung beureum, imut matak kareueut.
"Oh iya, ada apa ya?" Ceuk Kuring rada reuwas ogé.
"Kursi saya!" Cenah bari nuduhkeun karcis, aya nomeran nu sarua jeung nomer korsi nu didiukan ku Kuring.
"Oh, saya juga di sini!" Kuring teu éléh géléng, ngaluarkeun karcis anu nomerna sarua jeung tempat diuk.
Manéhna kerung, "kok bisa ya?"
"Ya udah, duduk aja!" Kuring cengkat ngéléhan rék pindah ka tukang, asa éra kudu diuk jeung wanoja karék panggih, jaba geulis.
Manéhna imut, gék diuk gigireun bari rada ngised saeutik, antukna awak Kuring jeung manéhna paantel deukeut pisan.
Rék saré jadi teu tunduh, ngobrol ngalér ngidul, geuning pituin Sukabumi, ti Palabuanratu cenah. Kuliah di Padang, sataun deui lulus. Ngarana Sarah.
"Neng Sarah nyalira?" Ceuk Kuring, nyaho ti Sukabumi mah ngomong téh ku basa Sunda.
"Sumuhun Kang!" Cenah bari unggeuk, duh kataji pisan ku lungguhna, teu miheulaan ngomong mun teu dipiheulaan mah.
Teu karasa, beus istirahat di pom bénsin, dibéré waktu saparapat jam pikeun panumpang nu rék barang beuli, sabab sakeudeung deui bakal ngaliwatan leuweung.
"Neng, badé lungsur!" Kuring nepak leungeun Neng Sarah.
Manéhna gideug bari malikeun awak kanu kaca, Kuring surti nyimbutan awakna ku simbut nu Kuring.
"Cep, udud heula ah!" Wahyu noél.
"Sok Mang, ari barudak rék tarurun?" Kuring nanya ka Wahyu.
"Érék atuh, hayangeun udud sarua!" Wahyu unggeuk laju turun tina beus dituturkeun ku nu lian.
Kuring ngarasa anéh naha teu narempoeun kitu mun Kuring diuk jeung wanoja geulis? Naha haré-haré, biasa gé kanyahoan jeung wanoja séjén sok ngagaronjak.
Gancang milu turun bari ngalieukan Neng Sarah nu keur tibra.
2 Komentar untuk "Contoh Cerita dalam Bahasa Sunda Karya Ceu Ningsih"
Carita sunda matak resep macana
Da leres atuh matak pogot ngaos carpon sunda mah