ads
ads

SURAT TI EMA (Pepeling dalam Bahasa Sunda)


SURAT TI EMA
( Jum'at Mubarok )
Buat yang ngerti bahasa sunda, indah sekaligus terharu,...
"Panggeuing keur hate anu tibra sare
tawis kasono ka Indung
anu tos dipundut kunu Gaduhna"
Anakiiing, anak Ema....
kiwari Ema geus nepi
ka lembur anu sabenerna,
lembur nu beda
jeung lembur urang baheula.....
Anakiiing, anak incu Ema.....
mun isuk-pageto
hidep sono hayang papanggih jeung Emma, tuluy hidep baralik ka lembur jiga baheula,
omat tong angkaribung barang bawa, sabab Ema
geus lain Ema nu baheula.... !
do'akeun wae Ema ku aranjeun... ayeuna Ema ngan butuh do'a ti aranjeun.....
Anakiiing, kamelang Ema...!
mun hidep nyaah ka Ema...., teu kudu bingung mulang tarima..., tapi cukup bejaan Ema:
yen hidep geus jadi jalma sholeh....,
geus jadi hamba Alloh ahli ibadah.....
bari salawasna terus ngadu’a sangkan aya dina ridlo ManteunNA
Anakiiing...,
mun hidep nyaah ka Ema...,
cukup bejaan Ema...:
yen hidep nyaah ka Ema...,
hidep teh akur jeung dulur...,
runtut-raut sauyunan.....
silih hargaan.....
silih elingan....
silih tulung silih bantu.....
silih tulung lain ku duit hungkul tapi ku tanaga, fikiran jeung doa.

Ema hayang mere beja, nyambung beja anu baheula,anu manfaat di dieu, di alam baka;
geuning lain harta, lain tahta, lain pangkat, lain jabatan,
tapi amal soleh waktu di dunya, nu dibungkus iman jeung taqwa....!
Ayeuna ku Ema geus karasa..., geus karasa...!
karasa endahna solat jeung puasa, karasa endahna zakat,
karasa endahna mikanyaah fakir-miskin, karasa endahna akur jeung dulur, bari heman ka tatangga..!
Anakiiing, anak-incu Ema...., Ema nitip :
* poma ulah takabur, tapi kudu loba syukur...
* ulah sasar tapi kudu loba istigfar...,
* ulah salah tapi kudu loba ibadah....,
Anakiiing....,
hampura Ema...,
Ema sono ka aranjeun kabeh...
meungpeung aya keneh di alam dunya
poma ulah tinggaleun sholat..., ngaji qur'an..., ulah poho ka fakir miskin...,
Nulung kanu butuh...,
Nalang kanu susah....
Ulah poho, du'akeun Ema tiap ba'da sholat...
Sakitu surat ti Ema....
Hampura Ema

0 Komentar untuk "SURAT TI EMA (Pepeling dalam Bahasa Sunda)"

Back To Top